Teks Wacana Basa Sunda (Ngahirup-hirup Basa Sunda)
Ngahirup-hirup Basa Sunda
Nu jadi hiji kautamaan pikeun para generasi muda téh nyaéta kedah
mibanda rasa katineung kana basa jeung budaya sunda. Ulah dugikeun ka ngarasa
asing, éra tur gengsi ku basa jeung budaya sunda nu jadi ciri khas sarta adat
di tataran sunda.
Sanes maksadna para pamuda ayeuna teu kenging ngamekarkeun atanapi
ngadopsi kana budaya sunda komo deui budaya Barat mah, nanging urang salaréa
salaku pangisi tataran sunda kudu bisa ngaraksa tur ngariksa kana budaya
sorangan nyaéta budaya sunda. Naon sababna? Lantaran budaya sunda téh
ngajadikeun salah sahiji budaya anu jadi ciri khasna bangsa Indonesia nu
beragam suku jeung budaya.
Ninggali ku zaman kiwari, masyarakat nu ngagunakeun basa sunda téh
éta tos kacida laasna, utamina nyaéta ti kalangan para pamuda jeung pamudi.
Numana para pamuda zaman kiwari kaseueurannana ngarasa géngsi tur éra nalika
ngucapkeun kalawan maké basa sunda.
Saupamana ayeuna nu jadi sepuhna, nu langkung diutamikeun téh
nyaéta ngabasakeun ku basa salianti basa sunda, nu mimiti di wanohkeun tur
diajarkeun téh nyaéta ku basa Indonesia ti bubudak kénéh. Alhasil éta basa
Indonesia téh teras nerap dina diri éta budak sahingga dugi ka nincak déwasa
bakal ngarasa asing kana basa jeung budaya Sunda, oge bisa ngaleungitkeun jati
diri urang salaréa salaku urang Sunda.
Komo deui ayeuna di unggal sakola boh negeri atanapi swasta,
pelajaran basa Sunda téh tos laas bahkan tos teu diajarkeun deui ku nu jadi
guru na di unggal sakola. Lantaran hampir di unggal sakola ngagunakeun sistem
basa ku sistem Nasional, numana nu langkung ditekenkeun dina éta sistem téh
nyaéta kalayan ngabudayakeun basa Indonesia nu bener tur hadé. Sahingga satiap
siswa nu aya di éta sakola tos pada ngabiasakeun diri ngeunakeun basa
Indonésia.
Tah ku lantaran kitu, urang salaréa salaku urang sunda nu sajati
kedah tiasa ngagungkeun, miara, mekarkeun sarta ngamumulé basa jeung budaya
Sunda. Sabab ku ngeunakeun basa Sunda téh ngajadikeun salah sahiji ciri khas
yén urang salaréa téh salaku urang Sunda nu bisa ngabédakeun antara budaya
Sunda jeung budaya nu séjénna.
Salah sahiji cara pikeun ngaraksa kana basa sunda nyaéta ku nu
janten sepuhna kedah tiasa ngawanohkeun éta basa Sunda ti bubudak kénéh,
sahingga bilamana tos janten kabiasaan ngagunakeun basa Sunda ti bubudak kénéh
mangka éta basa Sunda téh bakal tuluy nerap ngadasar dina jiwa jeung raga na
éta budak. Numana saacan nincak kana yuswa déwasa pasti kedah didasaran ku nu
anom-anom, sakumaha dumasar kana hiji paribasa nyaéta “Melak cabé buah cabé,
melak bonténg buah bonténg.”
Sajaba ti éta, pasoalan nu paling utama pikeun para pamuda nyaéta
kedah tiasa ngaleungitkeun kana sifat géngsi jeung kaéra nu némpél dina diri
urang salaréa. Komo deui pikeun para pamuda zaman kiwari, ulah nepi ka sieun
disebut urang kampung nu katinggaleun zaman pédah nyarita kalawan maké basa
Sunda. Malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab urang tos bisa
ngagungkeun sarta ngamumulé budaya karuhun.
Cindekna, konci utama pikeun ngahirup-hirup basa Sunda téh éta aya
dina diri para generasi muda nu bisa mikacinta kana basa jeung budaya sunda anu
bersih tina sifat géngsi dina nalika ngucap ku basa sunda boh di lingkungan
kulawarga oge di lingkungan masyarakat.
Mantaaaappppp��
BalasHapusHatur nuhun :)
BalasHapus